SORAUMAT.COM -- DINA raraga mélaan kapentingan asing jeung aséng, dina ahir taun, Présidén Jokowi ngaluarkeun Peraturan Pemerintah (PP) Nomor 59/2016 ngeunaan organisasi kemasyarakatan (ormas) anu diadegkeun ku urang asing. PP ieu bakal ngalégalkeun éksisténsi ormas asing anu kiwari jumlahna geus nepi ka 66 ormas. Ceuk Mendagri geus aya 66 ormas asing anu kadaftar. Salah sahiji ormas asing anu geus ngadeg nyaéta Forum Bhayangkara Indonésia anu dipingpin ku urang Cina.
Kaluarna PP ieu bareng pisan jeung raména isu banjir imigran gelap Cina
Tiongkok ka Negara urang. Peneliti Utama Politik ti Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonésia, Siti Zuhro
meredih sangkan pamaréntah ngajelaskeun pirang-pirang isu anu mekar lega di
masyarakat ngeunaan serbuan warga Negara Cina di tanah air. Sabab, lamun
pemerintah cicing waé bakal dianggap ngantepkeun atawa malah bisa dianggap
minangka pihak anu nyieun éta pasualan.
“Pamaréntah bet cicing waé padahal loba isu anu
kacida daria anu mekar kacida legana mangsa kiwari saperti soal tenaga kerja
kasar ti Cina, soal wisatawan ti Cina, soal pembangunan perumahan pikeun urang-urang
Cina, asupna narkoba ngaliwatan kontraktor pembangunan Cina, soal e-ktp anu
bisa dipalsukeun, kaasup isu asupna paham Komunis Cina ka Indonésia. Lamun masyarakat
nuding pamaréntah ngantepkeun waé geus bahaya komo deui lamun mekar isu yén malah
pamaréntah anu ngalakukeunana”, saur Siti di Jakarta, Salasa (20/12/2016).
Siti prihatin kusabab kabéh pihak anu
ngabogaan tanggung-jawab pikeun ngajelaskeun ka rahayat waktu ayeuna kabéhanana
cicing. Padahal, numutkeun anjeunna, sakuduna Menkumham bisa ngajelaskeun sabaraha
loba turis Cina anu asup ka Indonésia, sabaraha loba anu digawé di Indonésia.
Menakertrans ogé sakuduna bisa ngajelaskeun sabaraha loba tenaga kerja légal jeung
ilégal ti Cina. Nyakitu deui menlu kudu bisa ngajelaskeun kumaha hubungan Cina jeung
Indonésia.
"Sajauh mana ogé isu peperangan
kepentingan kapitalisme baheula saperti Amérika ngalawan kapitalisme anyar saperti
Cina anu aya di Indonésia. Jubir pamaréntah ogé cicing waé”, tandesna.
Profésor Riset ieu prihatin kusabab pangwangunan
waktu ieu henteu mihak deui ka bangsa sorangan. Inyana prihatin kusabab bangsa anu
gedé ieu henteu ngabogaan saringan atawa filter kana pangaruh ti asing.
”TNI sakuduna bisa aktif pikeun ngajaga
pertahanan Negara tina ancaman luar, husus dina kontéks isu ieu sanajan TNI
lain petugas imigrasi, lain menkumham, TNI kudu bisa ngajaga pertahanan Negara tina
infiltrasi ti luar. TNI kudu ngilu tanggung-jawab kusabab masalah kaamanan lain
ngan ngan ukur masalah senjata, tapi ogé idéologi, manusa, kaasup soal asupna virus
cabé jeung paré. Leuwih hadé urang ngaantisipasi tibatan kudu ngubaran lamun
geus kajadian. Mumpung ancaman geus kaambeu ti ayeuna kudu aya solusi, ulah
nepika ngajelegur”, tandesna.***

0 Response to "ORMAS ASING NGANCAM NKRI (1)"
Posting Komentar