BAKAL JADI MUSUH KAOM MUSLIM

SORAUMAT,-- SALILA ieu geus remen diberitakeun yén Ahok anu ayeuna jadi Gubernur DKI Jakarta, lain jalma joré-joré. Di satukangeun  manéhna sihoréng loba jalma anu siap ngorbankeun harta-bandana sangkan Ahok jadi deui Gubernur DKI. Malah geus kapanggih, yén kasus Rumah Sakit Sumber Waras, éstuning kudu balitungan jeung KPK, lantaran kabuktian yén Ahok korupsi duit nagara anu jumlahna milyaran rupiah. Tapi sigana manéhna geus taki-taki, sarta geus nutup kasus éta ku jalan ngagolontorkeun duit ratusan milyar. Kabuktian ayeuna euweuh béja anu écés ngeunaan RS Sumber Waras.
Dina léngkah jeung paripolahna, katémbong yén manéhna boga pangrojong ti Jokowi anu kapeto jadi présidén kalawan licik dina Pemilu anu geus kaliwat. Maotna ngadadak Ketua KPU, Malik, geus jadi tanda yén aya skénario anu keur diulinkeun ku oknum-oknum jalma jahat di ieu nagara. Malah geus kapanggih ogé, yén Tiongkok keur ngincer Indonésia sangkan dipimilik ku manéhna.
Salah sahiji jalan pikeun ngajajah Indonésia, nya dibéré injeum duit anu jumlahna nepi ka triliyunan rupiah. Jumlah duit anu sakitu gedéna téh ngahaja sina dipaké ku Indonésia, pangpangna ka pajabat jeung politikus, sarta dipaké pangwangunan mah paling ngan 20%. Lolobana mah dipaké pikeun urusan pribadi atawa golongan. Lamun Indonésia geus loba hutangna ka China, tangtuna China bakal ménta sangkan mayar, ngan mayarna bisa lain ku duit tapi dikonpénsasikeun kanu séjén. Ayeuna anu geus katempo, China ngirimkeun jutaan wargana pikeun digarawé di Indonésia, kalawan gajina puluhan juta. Atuh tangtu wéh jadi pasirikan warga pribumi anu ayeuna ngalanggur hésé gawé.
Ahok ayeuna lir ibarat anu keur maén catur. Manéhna kasak-kusuk sarta ngieun stratégi sangkan kapilih jadi Gubernur DKI, lantaran manéhna boga targét Jakarta kudu dijadikeun kota siga Singapura, anu pinuh ku jalma China sarta pribumi anu aya di Kota Jakarta kudu disingkirkeun, atawa geuwat tanahna dibeulian ku China. Ayeuna baé, Pajak Bumi Bangunanna geus ditaékeun sangkan loba warga pribumi beuki susah hirupna, sarta imahna dijual ka China. China anu dumuk di Jakarta ampir kabéh hirupna makmur. Maranéhna nyepeng sababaraha pausashaan, kaasup bank-bank anu aya ampir kabéh dicepeng ku China. Geus puguh perumahan, mall, atawa apartemen kabéh anu boga China. Mun seug téa mah aya pribumi, bisa diitung jumlahnya.
Yusril Ihza Mahéndara anu salila ieu terus noropong léngkah anu dipigawé ku Ahok, geus mimiti ngarasa panas sarta sépak terjang Ahok matak pibahayeun pikeun bangsa jeung nagara Indonésia. Ceuk Yusril, "Mun seug Ahok kapilih, kacida teuing, sabab manéhna geus katémbong bakal jadi masalah ka hareupna, sok komo manéhna geus nyiapkeun program réklamasi pantai, sangkan éta basisir dijadikan tempat pikeun dicicingan ku jalma. Iklan réklamasi geus sumebar di internét, malah di TV anu aya di China remen mintonkeun éta iklan réklamasi pantai Jakarta.
Ahok boga cita-cita rék jadi présidén atawa wakil présidén, malah manéhna geus ngincer ti béh ditu kénéh, rék ngarebut pribumi, sangkan anu jadi présidén téh urang China. Sok komo, China siap rék ngarojong jeung ngaluarkeun bantuan anggaran biaya anu lain saeutik.
Umat Islam di Jakarta lain hartina cicing, tapi ku cara jeung gayana Ahok samodél kitu, loba anu ngagabung pikeun ngalawan ieu jalma ulah meunang dina Pilkada anu bakal datang. Ormas Islam sarta partai politik Islam geus mimiti katémbong beulah dua, aya anu ngarojong Ahok jeung ogé aya anu nolak Ahok. Nu ngarojong Ahok, geus pasti udaganana meunang untung dunya, lantaran Ahok geus ngumpulkeun cukong-cukong jeung siap pikeun ngocorkeun duit ka jalma-jalma anu ngarojong ka manéhna. Paribasana, sabaraha milyar ogé, moal burung teu ditedunan. Ahok mikir, mun hayang kacepeng Indonésia, nya anu kudu dicepeng huluna. Ari huluna aya di ibukota Jakarta.
Ahok mun seug kapilih, bakal jadi musuh kaom muslim, lantaran manéhna geus ngancam rék ngabubarkeun FPI Jakarta ogé rék ngusir golongan anu salila ieu ngaganggu ka manéhna. Satékah polah, Ahok rék ngajadikeun sangkan Jakarta jadi daérah anu maju, loba duitna, sarta rahayatna makmur. Éta ucapan téh remen diomongkeun. Tangtu lamun kaom muslim teu meungkeut tali anu kuat dina jama’ah, kaom muslimin bakal runtuh sarta teu bisa boga kakawasaan.
Kulantaran kitu, hiji-hijina jalan, Pillkada DKI Jakarta kudu bisa ngéléhkeun Ahok kumaha baé carana. Ngan Ahok geus ngieun balintungan malah manéhna geus siap ngagolontorkeun duit ka rahayat sangkan milu ngarojong manéhna jadi gubernur. Cag! ***

Ku : Drs. H. Kuswari Mihardja, M.Pd.(Déwan Redaksi Bina Da’wah)

0 Response to "BAKAL JADI MUSUH KAOM MUSLIM"

Posting Komentar