KAUTAMAAN SHOLAT JUM’AH

Hadirin rohimakumulloh!
Alhamdulillah sagala puja sareng puji urang sanggakeun ka Alloh SWT anu parantos maparin pirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, kani’matan iman jeung kaséhatan sarta kasempetan nepi ka urang tiasa ngalaksanakeun ibadah Jum’at anu insya Alloh sareng muga-muga dipikaridlo Alloh SWT.
Sholawat miwah salam, muga-muga dilungsurkeun ka Nabi Muhammad, ka kulawargana miwah para shahabatna sareng ka umatna dugi ka ahir jaman.

Hadirin rohimakumulloh!
Anugrah anu kawilang gedé anu dikurniakeun Alloh SWT ka umat Islam nyaéta dina saminggu sakali disyaré’atkeunna sholat Jum’ah jeung dina sapoé sapeutingna sholat lima waktu. Ku sholat Jum’ah urang bisa ngéléhkeun kaom Yahudi jeung Nashroni dina taqorrub ka Alloh SWT di dunya jeung miheulaan maranéhna nalika abus ka Sawarga di akhérat.

Alloh parantos nyasarkeun jalma-jalma saméméh urang dina ibadah dina poé  Jum’ah. Urang Yahudi ibadah dina poé Saptu, urang Nashroni ibadah dina poé Ahad. Lajeng Alloh ngahadirkeun urang sadaya tur maparin pituduh ka urang sadaya pikeun ibadah dina poé Jum’ah. Alloh netepkeun poé Jum’ah pikeun urang sadaya, Saptu pikeun urang Yahudi jeung Ahad pikeun urang Nashroni. Pon kitu deui jaga dina poé kiyamah maranéhna bakal aya di tukangeun urang sadaya. Urang sadaya penduduk dunya anu datang pangahirna, tapi bakal jadi anu pangheulana di akhérat. Urang bakal meunang kaputusan pikeun asup ka Sawarga saméméh mahluk anu séjénna. (H.R. Muslim).

Ku sabab kitu maranehna ngarasa iri jeung dengki ka kaom muslimin kana anugrah Alloh SWT anu kawilang istiméwa ieu, saperti anu didawuhkeun Rosul SAW,

Saéstuna kaom Yahudi jeung Nasroni henteu ngarasa iri ka umat Islam ku hiji anugrah Alloh saperti iri dengkina maranéhna ka urang sadaya ku anugrah poé Jum’ah, anu dituduhkeun ka urang sadaya, bari maranéhna disasarkeun tina éta poé.  Maranéhna iri ka urang sadaya ku anugrah kiblat anu dituduhkeun Alloh ka urang sadaya bari maranéhna disasarkeun ti éta kiblat. Maranéhna iri ka urang sadaya ku ucapan aamiin anu ku urang sadaya diucapkeun di tukangeun imam nalika sholat berjama’ah. (H.R. Ahmad).

BAAROKALLOOHU LII WA LAKUM………
Hadirin rohimakumulloh!
Ngaléngkahkeun suku ka masjid pikeun ngalaksanakeun ibadah sholat Jum’ah téh bakal ngadatangkeun pirang-pirang kahadéan jeung kautamaan anu kawilang gedé, saperti;
Kahiji, ditikelkeunna ganjaran jeung dipupusna dosa-dosa urang sadaya. Pidawuh Rosul

Sing saha jalma anu indit ka masjid pikeun sholat berjama’ah, saléngkah sukuna bakal mupus kana dosa-dosana, jeung saléngkah suku séjénna bakal ditulis ganjaran pikeun dirina, boh dina nalika indit atawa dina nalika mulang. (H.R. Ahmad jeung At Thobroni).
Kadua, Teuteupan kasono ti Alloh.

Sing saha jalma anu wudlu, tuluy ngahadékeun jeung nyampurnakeun wudluna, tuluy manéhna datang ka masjid, jeung henteu aya karep dina haténa kajaba sholat di jerona, anging Alloh bakal neuteup ku teuteupan anu kebek ku kasono saperti teuteupan sonona kulawarga musafir nu mulang ti mulanpanyabaan. (H.R. Ibnu Huzaimah).
Katilu, disiapkeunna tempat reureuh di Sawarga.

Sing saha jalma anu indit ka masjid boh isuk-isuk atawa pasosoré, nya Alloh bakal nataharkeun pikeun éta jalma tempat reureuh di Sawarga, dina satiap inditna manéhna dina waktu isuk atawa pasosoré. (H.R. Bukhori jeung Muslim).
Kaopat, meunang cahaya anu sampurna dina poé kiyamah.

Jeung pék béré pangbubungah ka jalma Anu leumpang ka masjid dina waktu peuting keur poék mongkléng, yén maranéhna bakal meunang cahaya anu sampurna dina poé kiyamah. (H.R. Abu Daud jeung At-Tirmidzie).
Kalima, meunang jaminan rizqi di dunya jeung Sawarga di akhérat jaga.

Aya tilu golongan jalma anu salawasna bakal dijamin ku Alloh, lamun masih hirup bakal dipaparin rizqi jeung disampurnakeun rizqina, jeung lamun geus maot bakal diabuskeun ka Sawarga. Kahiji, jalma anu abus ka imahna, tuluy ngucapkeun salam, tanwandé éta jalma aya dina jaminan Alloh. Kadua, jalma anu indit ka masjid, tanwandé éta jalma aya dina jaminan Alloh. Katilu, jalma anu miang ka médan jurit di jalan Alloh, tanwandé éta jalma aya dina jaminan Alloh. (H.R. Abu Daud)
Kagenep, didu’akeun ku para malaikat.

Para malaikat ngadu’akeun ka maranéh salila maranéh aya di tempat pangsholatan satungtung can batal atawa ingkah ti éta tempat, “Ya Alloh! Mugi ngahampura éta jalma, Ya Alloh! Mugi Gusti maparin rohmat ka éta jalma”.
Katujuh, ngahontal rohmat jeung kamudahan dina nyorang shirot di aherat.

Masjid téh imahna jalma-jalma anu takwa, jeung saéstuna Alloh parantos ngajamin bakal méré kurnia, rohmat jeung kagampangan dina nyorang shirot, pikeun jalma-jalma anu ngajadikeun masjid minangka imahna. (H.R. At-Thobroni jeung Al-Bazzar).

Muga-muga urang kaasup jalma-jalma anu salawasna tukuh pengkuh dina ngalaksanakeun sholat Jum’ah jeung berjama’ah di masjid nepi ka urang boga hak pikeun meunang pirang-pirang kautamaan anu dicawiskeun ku Alloh SWT di dunya atawa di akhérat jaga. ***

0 Response to "KAUTAMAAN SHOLAT JUM’AH"

Posting Komentar