SORAUMAT.COM,-- MAKSUD babasan
alus ku omong goréng ku omong, nyaéta sagala perkara dianggap hadé atawa goréng
gumantung kana omongan, atawa basa anu dipaké nyaritana. Misalna juru da’wah
medar masalah sholat. Pan shalat téh hadé. Sabab satiap manusa diwajibkeun pikeun
ngabdi ka Gusti Allah ku ngadegkeun sholat, lima waktu sapoéna. Tapi upama dina
nepikeunna ka mustami maké basa nu teu merenah, kasar, keding hangit, sospol,
buahna moal hadé. Bororaah didéngékeun komo jeung diturut mah, malah anggur
bakal nimbulkeun pitnah. Jadi omong, jeung diaromongkeun.
Sim
kring kapungkur kantos ngiring sholat Ied di Pasantrén Pajagalan. Dongkap
kadinya, buruan Masjid tos pinuh ku jama’ah. Nya wayahna wé tempat sholat téh
di jalan, Jl. Pajagalan. Kitu gé teu pas masjid tapi palih kidul, ngalangkungan
Jl. Kalipah Apo nu pagigir-gigir sareng masjid. Sholat di jalan, teu jadi
masalah, margi Rasululloh SAW parantos nandeskeun yén bumi dijantenkeun tempat
sujud (masjid) sareng pikeun susuci (tayamum). (H.R. Muttafaq Alaihi). Kaleresan
anu janten khotibna téh Ustadz Ean, nénéhna tina K.H. E. Abdurrahman, Allahu
Yarham. Eusi khutbahna, masalah nu aya
hubunganana sareng ucapan. Upami diguluyurkeun sacara bébas mah kirang langkung
kieu:
Sang
Raja hiji Negara, miwarang juru masakna: “Hé
Lukman, coba nyieun deungeun sangu nu pangngeunah-ngeunahna!” Sanggeus uluk salam, Lukman al
Hakim, mungkur, terus gura-giru muru ka pasar. Di pasar mésér létah sapi, teras
dipasak. Tos bérés masakna terus diambéngkeun dina méja makan sapuratina. Masakan
Lukman kalandep ku Sang Raja, sarta meunang pamuji nu matak ngarebéhkeun irungna.
Isukna Lukman nyadiakeun deui masakan létah. Isukna nyadiakeun deui nu sarua. Isukna
nu kitu-kitu kénéh. Ahirna Sang Raja ngaraos bosen. “Hé Lukman, andika geus nyadiakeun masakan nu ngeunah. Cing ayeuna mah nyieun
anu pang teu ngeunah teu ngeunahna!” saurna. Lukman unggeuk, terus undur bari
pamitan.
Sanggeusna
bérés masak, sarta tos waktosna Sang Raja tuang, Lukman unjukan, yén tuangeun
tos sayogi. Sang Raja, nyaketan méja makan, teras nitenan masakan anu ngajgrag
di dinya. Hiji-hiji dipariksa, mani imeut pisan. Tapi Sang Raja rada kerung ogé,
margi teu ningal katuangan anu béda sareng nu kamari-kamari. Nu ngajgrag téh nya
masakan létah sapi. Sang Raja rada bendu, paromana ngembang laja jamotrot, jamedud.
Socana mureleng, pok nyarios: “Hé Lukman, naha andika bet saliwang”. Ningali pasemon Sang Raja kitu, Lukman
reuwaseun, ngembang kadu olohok, kabur pangacian. Sang Raja nyarios deui,
angger jamotrot: “Apan kami téh geus
ménta ka manéh supaya disadiakeun deungeun kéjo anu pangteungeunah-teungeunahna?”
Sanggem Sang Raja. Pangacianana anu kabur baralik deui. Pok nyarita: “Muhun, pan ieu ogé, nu dipesen, nun!”
Bari nunjuk kana létah sapi, ku indung leungeuna. Sang Raja ngahuleng ngaraga
meneng. Bari nekenkeun curuk kana taarna, semu hémeng. “Ari pipikiran manéh Lukman kumaha? Kami ménta deungeun kéjo anu pangngeunah-ngeunahna,
manéh nyadiakeun létah sapi. Dipénta supaya nyadiakeun anu
pangteungeunah-teungeunahna, manéh nyadiakeun létah sapi”. “Euh! kitu Gan”, cék
Lukman rada teger ayeuna mah nyaritana téh. Pok nyarita deui: “Pangémut sim abdi mah, Gan, teu aya deui
katuangan anu pang raos-raosna, iwalti létah (lisan). Kitu deui anu pang teu
raos-raosna ogé sami, létah (lisan)”.
Nyaritana, tatag pisan. Sang Raja nganuhunkeun, bari ngusapan sirah Lukman semu
nu deudeuh naker. Rupina Sang Raja surti kana maksud siloka nu ditepikeun ku Lukman
kitu. Anjeunna émut kana kasauran Rasululloh SAW: “Qul khoéron au lyasmut - Prak
nyarita nu bener, atawa jempé”. Hartina lisan (létah) téh ngabogaan dua
fungsi nu patojaiyah, patukang tonggong, bisa nyenangkeun deungeun, bisa
nganyerikeun. Numawi lisan teu kénging diabur.
Tah
éta khutbah K.H. E. Abdurahman alias Ean didugikeun ka jama’ah sholat Ied téh tos
langkung ti lima puluh (50) taunna. Margi harita pribados, nuju lalagasan kénéh,
tapi kiwari tos rendey ku anak incu. Tapi pesenan K.H. E. Abdurahman harita teu
matak bari. Malah mingkin matri kana ati, yén nyarita teu meunang sagawayah. Sanggem
paribasa téa mah “Catur kudu diukur,
sabda diungang-ungang. Ulah pondok nyogok, panjang nyugak”. Kiwari kabuktian, akibat lisan pajabat DKI Jakarta nu jauh
tina tuntunan akhlaqul karimah, jadi guyur salelembur éar sajajagat. Ngomong sakacumplang
sakacampléng, abong biwir teu diwengku, létah teu tulangan. Ngomong sangeunah
udelna. Dawuhan Gusti Nu Maha Suci (Al-Quran), nu dipupustén ku kaom Muslim
sadunya, ku manéhna dimomoha, dihina. “...teu
kudu percaya dibobodo, maké Al Maidah 51”, cenah. Nu ahirna MUI Puseur
ngaluarkeun fatwa yén omongan Ahok (Gubernur DKI Jakarta), geus nyacampah agama,
ngahina ulama.
Anu
raheut ku omonganana, lain wungkul umat Islam urang Jakarta, tapi kaom muslim
Indonésia. Mungkin waé muslim sadunya. Raheutna nu gudawang alatan omonganna dibuktikeun
ku ayana protés ngabéla Islam dugikeun ka tilu kali. Nista maja utama. Jalma-jalma
ngabrul, ngaburudul ngadeudeug dayeuh Jakarta. Lapar, hanaang teu dirasa, kacapé
teu dipaliré. Nu penting mah hukum kudu ajeg. Hukum kudu adil. H.B. Yasin,
Permadi, jeung Arswéndo Atmowiloto, nu sarua nyacampah Nabi, pan dibarui, nya
Ahok ogé kudu meunang ganjaran nu sarua. Kakara ngarana adil. Teu matak
nambahan jalma anu sisit kadal.
Tapi
anéh bin ajaib, alias ahéng, sabab aya kénéh malah
loba jalma nu ngaraku sarta KTP-na Islam, tipoporosé ngabéla jeung nyalindungan
manéhna. Nu diparaké ngabélana mun kiyai sareng jalma munafék, sumalindung kana
ayat-ayat Suci sareng dawuhan Nabi Muhammad SAW. Kalakuan kitu geus meleg-meleg
geus ngajual agama sareng ayat-ayat nu Mulya, ku harga nu teu sabaraha. Sanggem
AM Fatwa mah kiyai téh aya dua rupa, nyaéta kiyai Karaton sareng kiyai Rakyat.
Pasti dina bébélana moal sarua, cenah. Atuh jalma sékulér dina bébélana téh, ku
nyekel deleg logika sasar jeung hawa napsu nu kalangsu.
Tapi
urang muji syukur Alhamdulillah, tisolédat lisanna Ahok aya hikmahna. Omongan garihalna,
sombong jeung kadugalanna jadi furqon, jadi panyaring, pamisah antara nu
leres-leres tandes aqidah sareng kaimanana, sareng nu iman semet lambeyna, kiwari
ku urang katohyan. Mugia baé kataohidan, kaimanan sareng katakwaan urang tiasa
nambihan. Sareng anu bajuang Ngabéla Islam Jilid I, II sareng ka III, kénging
ridha Alloh SWT. Aamiin. Wallahu’alam. *** Ki Edas
0 Response to "ALUS KU OMONG GORÉNG KU OMONG"
Posting Komentar