SORAUMAT.COM,- LAMUN urang ngabandungan sajarah, dina jaman Sukarno, manéhna ngawangun ieu bangsa ku konsép NASAKOM, démokrasi terpimpin nu hasilna pemberontakan Komunis taun 1965. Dina jaman Orde Baru maké konsép Azas Tunggal. Dina jaman Orba Komunis teu boga ruang gerak anu lega tapi maranéhna sacara rerencepan nyusun jeung ngawangun deui stratégi jangka panjang, sahanteuna lima puluh taunan kahareup. Kusabab kitu nalika kajadian réformasi, maranéhna geus tatahar SDM-na pikeun abus kana kabéh jihat démokrasi.
Ngadurényomkeun makar,
anu sabenerna mah hiji pemberontakan nu sipatna pisik, dina jaman kiwari,
utamana di Indonésia. Makar atawa pemberontakan pisik téh hamo bisa dilakukeun
sabab kabéh lolongkrang ka lebah dinyana geus ditutup ku sistim démokrasi.
Kusabab kitu konsép démokrasi ieu dijadikeun tutumpakan ku Kristen, Yahudi
jeung Komunis, pikeun ngahontal udaganana. Ngabandungan kajadian-kajadian nu
mahabu di Indonésia kiwari, tétéla konsép nu dipaké ku maranéhna téh nyaéta démokrasi
ngaliwatan ékonomi.
Ningali ka Negara
Cina, éta hiji Negara nu loba duitna, tapi ogé loba manusana. Kusabab kitu
maranéhna satékah polah ngabrulkeun jeung ngaleutkeun pendudukna ka Negara-negara
séjén kaasup ka Indonésia, anu kiwari geus katingali tapakna nyaéta ku maké
konsép ékonomi. Ékonomi di Indonésia kiwari mayoritas invéstorna téh ti Cina,
nu ngagem idiologi Komunis. Cék saha éta téh henteu matak ngawiwirang jeung
ngadatangkeun mamala nu kacida pisan rongkahna pikeun bangsa Indonésia, atawa
ukur isu. Écés ku cara invéstasi, ngirimkeun kuli, éta geus jinek tur
sistimatis dina konsépna. Maranéhna henteu mikirkeun kana kauntungan materi pikeun
Negarana tapi kumaha carana sangkan idiologina nyaéta Komunis bisa dikirimkeun
jeung diagem ku Negara séjén utamana Indonésia. Demi di Indonésia maranéhna
geus dua kali baruntak tapi gagal terus. Ngaliwatan sistim démokrasi ieu
maranéhna asup jeung bisa ngulincaikeun Negara Indonésia nu ngagem idiologi Pancasila.
Tah lamun ngadurényomkeun idiologi Pancasila nu dina sila kahijina ditétélakeun
Ketuhanan Yang Maha Ésa, ieu geus patukang-tonggong pikeun ngayakeun gawé
bareng jeung Negara Komunis. Naon baé alesanana tetep teu bener jeung moal
bener, lamun urang bener-bener nyaritakeun konsép Negara nu idiologina
Pancasila jeung UUD 45. Urang balikeun deui wé ku urang kana UUD 45 jeung
Pancasila. Naha diwenangkeun Negara nu bertuhan, beragama jeung mayungan genep
agama nu aya di Indonésia ieu ngayakeun gawé bareng jeung Negara nu teu boga
agama jeung teu ngangken kana ayana pangéran? Lamun kabéh pangagem agama nu aya
di Indonésia ieu balik deui kana kitabna séwang-séwangan, nya lain kudu ati-ati
deui gawé bareng jeung Negara Komunis Cina téh tapi kudu geuwat dieureunkeun.
Kajaba lamun gawé bareng téh maké sarat nu béda saperti silih untungkeun. Demi
gawé bareng Indonésia jeung Cina nu kabandungan ku kuring mah eutik ogé teu aya
untungna pikeun Indonésia mah. Saperti réklamasi pulo nu eutik ogé bangsa
Indonésia mah teu kabagéan untung naon-naon. Demi nu meulina urang kapir Cina
wungkul, nyaeta Komunis jeung teu ngagem idiologi Pancasila. Geus pasti bakal
ancur ieu Negara lamun di jerona pacampur antara manusa nu idiologina Pancasila
jeung Komunis disagebrugkeun. Tong boroning jeung nu ngagem idiologi Komunis dalah
jeung sékulér baé geus jiga kieu kaayaan téh, matak rujit. Terus éta réklamasi
diwangun di sisi laut. Cik kaamanana jiga kumaha?
Jalaran kitu
kuring meredih konsép démokrasi ékonomi ieu bangsa geus mangsana pikeun
dibalikkeun deui kana konsép démokrasi ékonomi Pancasila, ulah patojaiyah jeung
UUD 45 jeung Pancasila Ketuhanan Yang Maha Ésa. Jadi gawé barengna kudu jeung Negara
nu bertuhan, Negara anu masarakatna henteu beridiologi anti agama jeung anti
Pangéran. Sok sanajan Komunis téh kiwari mah geus robah henteu ngabéwarakeun
anti agama, tapi éta mah ukur taktik wungkul, idiologi Komunisna mah moal leungit.
Demi dina hirup kumbuh, manusia kana agama téh aya nu nolak sagemlengna, aya nu
wawaréhan ogé aya nu narima sapuratina. Anu nolak taya lian sékésélérna Yahudi
nu disebut Komunis téa. Komunis téh jieunan Yahudi nu saolah-olah ayeuna mah henteu
anti agama, henteu anti démokrasi.
Jadi makar dina
jaman kiwari mah ngaliwatan démokrasi ékonomi, tapi ngayakeun gawé bareng jeung
Negara anu anti Pancasila. Lamun aya nu ngélingan éta teu kaasup makar, saperti
surat nu abus ka DPR MPR, éta mah ukur ngélingan wungkul teu aya unsur makar
pikeun baruntak. Sakali deui nu disebut makar mah nyaéta ngaliwatan démokrasi
anu patojaiyah jeung Pancasila. Naha diwenangkeun ku Pancasila tina sila kahiji
pikeun ngayakeun gawé bareng jeung Negara Komunis atawa jeung manusa nu nyacampah
agama. Nu pantes disebut makar mah nu ngijinkeun gawé bareng jeung nu anti
agama atawa nu ngahina agama. Ditingali tina jihat harti mah makar téh baruntak
mawa kakuatan jeung pakarang. Sakali deui naha bener teu Negara nu ber-Pancasila
gawé bareng jeung Negara Komunis? Dalah kumaha ogé Komunis mah henteu kungsi
senang ka umat jeung agama Islam pikeun maju.
Jadi kacindekanna:
Kahiji, makar anu bisa diabusan téh ukur ngaliwatan lembaga démokrasi. Kadua,
Negara utamana Indonésia ngabogaan standar nu ngaranna Pancasila. Idiologi Pancasila
ditarima ku sakumna bangsa ti jaman baheula. Demi Ketuhanan Yang Maha Ésa
dipernahkeun dina sila kahiji. Hartina sangkan ieu bangsa téh bertuhan. Katilu,
geus ninggang kana mangsana pamaréntah gura-giru ngaévaluasi jeung ngeureunan
gawé bareng dina widang naon baé jeung Negara nu ngagem paham Komunis. Lain
soal akur jeung teu akurna tapi soal Pancasila nu geus jadi kasapukan sakumna
bangsa jadi idiologi Negara. Lamun Indonésia nu ngagem idiologi Pancasila nu
sila kahijina téh Ketuhanan Yang Maha Ésa gawé bareng jeung Negara Komunis, hartina
geus patojaiyah jeung Pancasila. Umat Islam atawa saha baé nu ngagem agama geus
pasti moal daék gawé bareng jeung Komunis.
Kuring peupeujeuh,
kahiji sakabéh umat islam pikeun ngalelempeng jeung nguatan deui akidah Islam.
Kadua pamarentah kudu geuwat megatkeun gawé bareng jeung Komunis kaasup proyék
réklamasi kudu dieureunan sabab leuwih gedé madorotna batan mangpaatna, boh
pikeun Negara boh pikeun bangsa Indonésia sakumna. ***
H.M. Daud Gunawan, S.E.
(Ketua Majelis Syuro Déwan Da’wah Jabar)

0 Response to "PANCASILA VERSUS KOMUNIS"
Posting Komentar