Jokowi Under Cover?



SORAUMAT.COM,-- Geunjleung puguh ogé, lantaran judul buku “Jokowi Under Cover” nu ditulis ku Bambang Tri, salah sahiji penulis kahot  ahli sejarah écés ngébréhkeun asal-usul Jokowi. Malah manéhna boga pamadegan yén Jokowi téh ........?  Dina poé Senén, 19 Desémber 2016 di Pendopo Kecamatan Muntilan éta buku diguar kalawan ébréh pisan. Ceuk Bambang Tri,”Kuring ménta idin ogé pangrojong ti saréréa pikeun ngaguar jati diri Jokowi. Jokowi dilahirkeun ti kulawarga .....? Nu tug nepi ka ayeuna idéntitas  bapa sarta indungna disumputkeun ku para gegedug di ieu Negara, diantarana Mégawati, Héndropriyono jeung Luhut Panjaitan.  Tujuan kuring nulis ieu buku pikeun ngalempengkeun sarta nyalametkeun ieu Negara  ti PKI. Kuring ogé nangtang ka Jokowi pikeun méréskeun kasus kabohongan jeung malsukeun data idéntitas  kulawarga nepi ka pangadilan. Kuring hayang aya kapastian hukum naon anu geus ku kuring ditulis dina ieu buku sarta ngabuktikeun  yén Jokowi geus ngabohong ka rahayat Indonésia”, kitu pokna tandes pisan.
Dina akun FB-na, Bambang Tri siga ngahaja nangtang ka pejabat Negara hususna aparat Negara pikeun ditéwak sarta rék ngabuktikeun asal-usul Jokowi nu sabenerna. Manéhna wani disidang sarta ngébréhkeun naon maksud sarta tujuan nulis buku ngeunaan Jokowi. Sihoréng lain kakara ayeuna-ayeuna Bambang Tri nulis kitu téh, geus aya kana 3 taunna, tapi TNI-Polri can aya nu wani néwak sarta ngabuskeun kana bui.
Nutup taun 2016, masalah ieu Negara tambah ruwet, rujit jeung riweuh teu aya tungtungna. Sok komo kasus Ahok, katempo pisan hukum teu adil téh. Malah sigana ngahaja diundur-undur sangkan umat islam beuki lila beuki pohoeun. Sok komo nu jadi ramé ayeuna téroris nu ngadadak ditéwakan. Densus 88, katinggali pisan gancang dina ngudag atawa néwak sang téroris mah. Teu kagok malah ditémbak jalma nu geus teu walakaya ogé. Sihoréng nu ditémbak téh, tatangga nyebutkeun, jalma nu rajin ibadah sarta unggal poé sholat di masjid. Lamun bener téa mah kitu, nya sing saha nu ngabunuh jalma nu iman ka Alloh SWT di ieu bumi, Alloh geus ngancam seuneu Naraka pikeun éta jalma nu zdolim.
Aya deui nu ngébréhkeun kalawan dirojong ku dalil nu ilmiah, yén kaayaan ieu Negara beuki pikahariwangeun. Teu rék kitu kumaha, lantaran hutang Indonésia ka luar negeri beuki nambahan ratusan tiliyun. Komo ku terbitna duit anyar, ceuk nu resep mikir mah, aya agénda nu disumputkeun. Ékonomi Indonésia aya dina kaayaan kolaps. NKRI geus katémbong aya ancaman nu bahaya sarta persatuan geus mimiti udar.
Sihoréng Joko Oei jeung Zhong geus boga modal gedé pikeun suksési (gaganti présidén) di satukangeun diédarkeunana duit cetak anyar taun 2017 jeung 2019. Loba nu teu sadar, sihoréng  duit anyar edisi NKRI dicetak kalawan + 1.  Hiji cetakan dileuwihkeun nu teu asup laporan resmi. Tah nu ieu bakal dijadikeun curang curaling dina suksési. Nurutkeun laporan salah saurang BI, yén jumlah duit anu dicetak ngan saukur légalitas pikeun diédarkan ka publik. Tujuan utamana mah politik pikeun ngabiayaan suksési Jokowi atawa Ahok. Éta agénda jahat téh, dumasar meredihna ti Partai Komunis China ka Jokowi. Éta duit téh murni pikeun niat jahat dina politik nu bakal datang. Stratégi modél kitu téh, kungsi kaalaman ku nagara Zimbabwe Tuips. Balakurna mata uang éta Negara ancur. Ékonomi geus dicepeng ku China kulantaran loba hutang.
Nu jadi tanda tanya ayeuna, naha kunaon pamaréntah Jokowi maksakeun duit anyar dina taun 2016  kudu geuwat nyebar? Naon anu nyababkeun kitu téh? Ku diédarkeunana duit anyar nu rada mirip duit China, bakal aya kajadian paéhna nilai mata uang. Duit nu nyebar bakal loba pisan édisi cetakanana. Naha aya béwara ti pamaréntah, pikeun nukeurkeun duit nu geus lila kana duit nu anyar. Nyitak duit anyar kalawan  teu geuwat ditarik duit nu lila, ieu kondisi bakal jadi matak pikahariwangeun. NKRI aya dina bahaya sabab China keur ngincer ka ieu Negara Indonésia pikeun dijajah dina sagala widang. Duit rupiah nu bakal jadi taruhanana. Naha engké bakal diganti ku Yuan? Sok komo dina bulan Februari rék lumangsung Pilkada di Jakarta, duit bakal jadi alat anu nangtukeun meunang-henteuna di Pilkada.
Écés aya agénda pikeun ngancurkan NKRI dina widang politik, ékonomi sosial jeung budaya! Jokowi katémbong pisan deukeut jeung dalit ka Partai Komunis China. Malahan sababaraha kali aya agénda pikeun ngobrol bareng dina raraga maheutkeun kerjasama, nu ujung-ujungna mah taya lian nyaéta ngajual ieu Negara. Bukti  ngajual ieu Negara, Indonésia ngahutang tiriliyunan ka China, sabab situasi ékonomi Negara dina kaayaan ripuh. Nu nganggur jumlahnya beuki nambahan. Kitu deui loba perusahaan nu teu jalan. Lantaran biaya produksi geus teu bisa nyumponan pikeun biaya gajih karyawan. Nya antukna loba karyawan nu dipéhaka. Katambah deui, korupsi beuki mahabu di unggal instansi jeung birokrasi. Kaayaan ieu Negara aya dina pikahariwangeun!
Dua taun dicepeng ku Présidén Jokowi, lain kalahka bagja rahayat téh. Tapi ngabalukarkeun jadi ramé sarta hariwang melang kabina-bina. Sok komo unggal ganti bulan ka bulan, masalah politik jeung ékonomi beuki teu puguh udaganana. Nu matak panas mah, nyaéta pasualan Ahok nu ngahina Al-Quran, Ulama jeung kaom muslim. Dina sidang Pengadilan di Jakarta Selatan katénjo aya agénda pikeun ngagiring yén Ahok rék dibébaskan, kumaha bae carana mah! Geus jadi terdakwa téh, manéhna teu ditahan-tahan acan. Malah terus kampanyeu sabab manéhna hayang deui jadi Gubernur DKI Jakarta.
Kasus Ahok geus jadi obrolan sadunya. Sok komo dina démo super damai tanggl 12 Desémber 2016 kaitung kajadian istiméwa sarta sholat Jum’at bisa dihadiran kaom muslim teu kurang ti tujuh juta jalma daratang ka Monas. Malah pejabat Negara milu hadir dina éta acara. Teu tédéng aling-aling, Habieb Rieziq Shihab, Ketua FPI sarta tokoh nu ngahudangkeun rasa jihad umat Islam,  dihareupeun Présidén kalawan disaksian ku kabéhana, ménta sangkan si Ahok ditahan/dibui luyu jeung kalakuanana ngahina umat Uslam. “Lamun teu dibui, moal aya aksi démo kaopat, tapi Revolusi!” Kitu pokna tandes pisan. Kaharti Habib Rizieq ngomong kitu téh. Lantaran hukum jeung kaadilan di ieu Negara diulinkeun pisan, sarta aparat penegak hukum geus leumpeuh yuni.
Habib Rizieq ngingetan yén ieu Negara dina kaayaan bahaya. Lantaran PKI geus mintonkeun gerakan nu sistematis sarta boga udagan rék ngawasa ieu Negara.  Jokowi leuwih raket ka Tiongkok lantaran boga asal-usul katurunan ti China. Nya manéhna gawé bareng pikeun mageuhkeun sarta maheutkeun tékadna.
Umat Islam keur dicoo gado sangkan akidahna ancur. Paham komunis ngahaja diantep sarta atribut jeung lambang PKI sumebar di unggal daérah. Pon kitu deui buruh ti China daratang nu jumlahna jutaan. Tangtu itu téh aya agénda nu keur dipigawé, anu udaganana taya lian sangkan umat Islam leuwih tilelep sarta euweuh di ieu Negara. Sok komo, Panglina TNI Jénderal Gatot geus ngabébérkeun dina sababara kali seminar yén NKRI aya dina tanda-tanda pibahayaeun. “NKRI aya dina ancaman nu kudu dijaga ku bangsa Indonesia”, kitu pokna. Nu dihariwang ayeuna nyaéta  China geus milu balitungan dina kahirupan sapopoé Negara Indonésia, kaasup nyitak duit anyar nu ngarupakeun versi China.  Pasukan asing ngincer keur tiarap rék milu icikibung dina ngamankeun jeung ngajaga pamaréntahan Jokowi.
Muga-muga Negara urang ulah nepi ka siga Negara Syria atawa Paléstina. Ku jalma-jalma kafir dijadikeun rebutan nu antukna loba kaom muslim dibabad, dipaéhan tur diancurkeun lembur-lemburna. Cag! ***


Drs. H. Kuswari Mihardja, M.Pd. (Déwan Redaksi Majalah Bina Da’wah)


0 Response to "Jokowi Under Cover?"

Posting Komentar